Postingan

SASAKALA MAUNG PANJALU

  SASAKALA MAUNG PANJALU Kocapkeun di Karajaan Majapait, Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk éta nagara, keur anteng neuteup bulan purnama. Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang, kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan, Karajaan Majapait jeung Karajaan Pajajaran. Kajadianana mémang geus lila pisan, geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang. Nyaéta kajadian anu katelah Perang Bubat. Timbul niat anu luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran, anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab dihenteu-henteu ogé, upama dijujut ka puhu mah, Raja Majapait jeung Raja Pajajaran téh, ti karuhunna mah tunggal sakocoran. Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan. Kabeneran Prabu Brawijaya lalagasan kénéh. Sang Prabu Brawijaya énggal nyaur Patih. Barabat atuh nyaritakeun pamaksudanana, nyaéta ngalamar putri Karajaan Pajajaran, anu geulis Putri Kencana Rarang. Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan. “Kasalahan karuhun urang baheula, henteu hadé la...

Dongeng

carpon: Tarung di Alam Gaib

Tarung di Alam Gaib Kénging Maman Rachman Awak teuing ku leuleus taya tangan pangawasa. Diuk dina jok mobil teu nangreu, golosor deui-golosor deui ngagolosor. Mobil ngadius ka Ciater, muru penginapan Villa “Sari Alam”. Lain arék mondok, ieu mah rék ngadon réfrésing ceuk barudak ayeuna téa mah bari sakalian marandi di kolam renangna anu caina panas. Kitu sotéh bubuhan dibawa ku minantu nu ngadunungan ka nu kagungan Villa “Sari Alam”, bageur pisan aranjeunna téh. Tara ngorétkeun, ulah boro ngojay najan mondok ogé sok ditawaran, ngan kuringna wé ngarumasakeun manéh. Sadatangna ka Villa, barudak mah teu reureuh heula, langsung bubulucun, gebrus marandi siga nu barungah pisan, silih simbeuh kokojayan bari garogonjakan. Sabalikna kuring, bororaah hayang ngojay atawa ngeueum, awak teu puguh rasakeunaneun. Leuleus téh teuing ku leuleus. Nungguan waktu nepi ka soré asa kacida lilana. Sajam jadi karasa sababaraha jam, panonpoé siga nu horéam ngagilir ngoléséd ka beulah kulon, kalah pepedut wé mi...

BANDUNG LAUTAN API

Peristiwa Bandung Lautan Api Pasukan Inggris bagian dari Brigade MacDonald tiba di Bandung pada tanggal 12 Oktober 1945. Sejak semula hubungan mereka dengan pemerintah RI sudah tegang. Mereka menuntut agar semua senjata api yang ada di tangan penduduk, kecuali TKR, diserahkan kepada mereka. Orang-orang Belanda yang baru dibebaskan dari kamp tawanan mulai melakukan tindakan-tindakan yang mulai mengganggu keamanan. Akibatnya, bentrokan bersenjata antara Inggris dan TKR tidak dapat dihindari. Malam tanggal 21 November 1945, TKR dan badan-badan perjuangan melancarkan serangan terhadap kedudukan-kedudukan Inggris di bagian utara, termasuk Hotel Homann dan Hotel Preanger yang mereka gunakan sebagai markas. Tiga hari kemudian, MacDonald menyampaikan ultimatum kepada Gubernur Jawa Barat agar Bandung Utara dikosongkan oleh penduduk Indonesia, termasuk pasukan bersenjata. Ultimatum Tentara Sekutu agar Tentara Republik Indonesia (TRI, sebutan bagi TNI pada saat itu) meninggalkan kota Ban...

ASIH DINA KAPEURIH

ASIH DINA KAPEURIH Kénging  Jéjén Jaélani Wargadipura Uwung-awang Awangga sareupna kapulas ku warna beureum saga. Layung-layung nu nebar lir ngemu kaalum. Dangiang éndahna ilang sirna. Nyésakeun kaguligah lebah dada Dipati Karna nu ngadeg teu bénten ti arca. Socana neuteup gelik kingkin dadali meulah alumna uwung-awang sareupna, lir wawakil nu kailangan rasa asih marengan genclang panineungan nu kokolébatan dina émutan. Kaguligah terah Batara Surya awor dina sareupna nu muru alam mongkléng, lir mongkléngna haté nu simpé jempé. Haté nu pinuh angen-angen, harepan jeung impian-impian nu teu weléh gumuruh lebah rasa. “Lain, lain soal ku can bisa narimana. Tapi kumaha carana aing ngungkulan kanyeri? Kieu rasana geuning, alatan anak pulung tukang ngurus kuda bari terah kasta sudra, anak raja gé teu sudieun narima kacinta Karna,” gerendengna, peura. Pameunteuna mingkin alum bari ngantep ngamalirna rasa nu kasasaak ku trésna, lir gumuruhna ombak neumbag jungkiringna karang. Aya ama...