ASIH DINA KAPEURIH
ASIH DINA KAPEURIH Kénging Jéjén Jaélani Wargadipura Uwung-awang Awangga sareupna kapulas ku warna beureum saga. Layung-layung nu nebar lir ngemu kaalum. Dangiang éndahna ilang sirna. Nyésakeun kaguligah lebah dada Dipati Karna nu ngadeg teu bénten ti arca. Socana neuteup gelik kingkin dadali meulah alumna uwung-awang sareupna, lir wawakil nu kailangan rasa asih marengan genclang panineungan nu kokolébatan dina émutan. Kaguligah terah Batara Surya awor dina sareupna nu muru alam mongkléng, lir mongkléngna haté nu simpé jempé. Haté nu pinuh angen-angen, harepan jeung impian-impian nu teu weléh gumuruh lebah rasa. “Lain, lain soal ku can bisa narimana. Tapi kumaha carana aing ngungkulan kanyeri? Kieu rasana geuning, alatan anak pulung tukang ngurus kuda bari terah kasta sudra, anak raja gé teu sudieun narima kacinta Karna,” gerendengna, peura. Pameunteuna mingkin alum bari ngantep ngamalirna rasa nu kasasaak ku trésna, lir gumuruhna ombak neumbag jungkiringna karang. Aya ama...